KERJA BAKTI LINGKUNGAN
Diuningakeun ka sadaya RT. 06 RW. 10 Perum Griya Indah. Ketua RT ngayakeun kerja bakti mersihan lingkungan urang sadaya. Wirehna dina :
Dinten : Rebo
Kaping : 20 September 2017
Waktos : Ngawitan ti tabuh 8 enjing dugi ka lekasan.
Sateuacan ngalaksanakeun kerja bakti, urang kumpul heula di rompokna Ketua RT. 06 kanggo ngadangukeun wejangan ti Pa RT. Hatur nuhun kana parantosanana. Diantos kasumpingannana.
Prokimal, 15 September 2017
Seksi Keamana,
Rian Aryadiningrat
Contoh Talatah :
TALATAH
Rina : Assalamualaikum, Fuji?
Fuji : Waalaikumsalam, aya naon, Rin?
Rina : Hapunten atuh, Ji sateuacanna. Abdi bade tunda
talatah ka Tuti?
Fuji : Enya atuh, Rin.
Rina : Abdi enjing teu tiasa ngiring latihan voli, kusabab
enjing oge, Rina moal lebet sakola.
Fuji : Bade kamana atuh, Rina teh?
Rina : Aya kapentingan kuluarga, Ji. Bade ka Bandung.
Fuji : Oh, kitu. Enya atuh, engke ku abdi disaurkeun ka Tuti
na.
Rina : Hatur nuhun pisannya, Ji. Punten bilih ngarepotkeun.
Fuji : Sami-sami, teu kunanaon, Rin.
Contoh Warta :
WARTA
Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeung pateupang deui sareng abdi
Fenny Zakaria dina warta sunda.
Bulan November tos lebet kana usum
hujan. Salah sahiji wilayah anu kajadian hujan angin lebat nyaeta Kabupaten
Karawang.
Kamari, 12 November 2016 hujan angin ngalanda Kab. Karawang,
akibatna seueur tatangkalan ageung anu tumbang. Kusabab angin
anu tarik pisan ditambah hujan deres.
Beruntung tina kajadian eta, teu aya
korban anu katimpahan tatangkalan anu tumbang. Sanajan tatangkalan teh tumbang di jalan
raya, nuju sepi pengendara. Aya hiji mobil anu hampir katimpahan, tapi
buru-buru ngahindar.
Sakitu warta anu tiasa disanggakeun.
Wilujeung tepang deui dina warta nu bakal dongkap.
Wassalamualaikum Wr. Wb
by : Fenny Zakaria